Sabtu, 04 Maret 2017

Conto Carpon "Panyakit Hate Nu Teu Kaubaran"


Panyakit Hate Nu Kaubaran
Ku : Alvin Afiqman

Sapiringeun gehu, geci, comro, bala – bala, hui, jeung sacangkir cikopi haneut salegukeun dina tikoro. Ningalikeun bentang alam sisi gawir ti warung Neng Ani nu geus rada reyod suhunanana tereh bubuk tigebru.
            Ririungan raramean jeung babaturan sarorompok silih pacangkrama. Arurang ngarora keneh lah bujang jajaka can karawin umuran dua limaan. Kuring, Acep, Uus, Gani, jeung Memed diuk ngabuleud dina bangku dina bangku nepikeun ka seseurian ceuceuleukeukan. Kadang ari mun keur lapar mah ngeunahna papahare jeung tumis jeung asin peda dicoelan kanu sambel nikmat taya bandinganana. Ci enteh we sagelaseun cukup keur kuring nu osok sisidueun mun keur barang dahar.
            “Cep, kumaha pagawean ente ayeuna euy?”
            “Nya lancer we kumaha biasana, Jang. Naha kunaon kitu?”
            “Naha biasa wae, Cep? Lainna minggu hareup ngagantikeun jabatan Si Edi jadi leungen katuhu Si Bos?” ceuk Si Uus rada nyindir bari cecengiran.
            “Ah Si Uus mah bisa we heureuy na teh.” Si Acep mikir sakeudeung. “Eh, bener oge heeh, Us. Da Si Edi ge pan rek pindah ka kota digawena. Sugan we ah didieu jadi deukeut jeung Si Bos” ceuk Acep nu karek ngeuh yen manehna bisa wae ngagantikeun posisi si Edi babaturan pagaweanana.
            Di warung teh tuluy we silih ngomongkeun pagawean, bobodoran bari ngopi opieun nepikeun beuteung beukah ngabendungan nu asup kana jerona. Ngan Si Gani jeung Si Memed mah kalah ngahuleng cicing. Teu milu ngobrol atawa kumaha. Da biasana mah justru eta duaan nu sok pangramena jeung nu pangtarikna ari keur ngomong kumaha we sora toa, ari ayeuna mah cicing ngabekem biwir sorangan. Geus rada lila meureun Si Gani bosen.
            “Beda we euy nu keur reresepan jeung dunungan mah.” Si Gani nyeletuk maksudna mah nyindir meureunan.
            “Urang rek balik ah, aya uruskeuneun di imah.”
            “Kamana atuh Gan, kawas nu loba pagawean wae, palingan ge sare heeh?” ceuk Si Uus nempas ku heureuyna.
            “Kanyaho maneh hungkul eta mah, geus ah urang rek balik.”
            Gani cengkat tina bangku. Bajuna ngait kana paku ku manehna diberewekeun leutik. Balik ka belah wetan ngagidig sorangan. Si Memed ge milu balik nyusulan Si Gani da imahna pagigir gigir jeung manehna. Ti jauh mah katenjona maranehna ngobrol bari meragakeun leungeun. Teuing naon nu diobrolkeun.
            Seubeuh ku opieun jeung cikopi hideung poek katenjona racikan Neng Ani nu kacida lungu pisan. Kuring jeung Uus balik ka kulon. Si Acep mah balikna ka tonggoh sorangan.
            Panon poe isuk – isuk geus ngagebray caang nyorot kana jandela imah, manuk heheotan sing halaliber kana tatangkalan. Sora cai ngeclakan tarik tinu kenteng kana ember di luar imah. Geus rada beurangan kuring mandi ku citiis. Angger we ngabirigidig kabulusan. Cuti digawe kuring rek ngider deui ka warung nyampeur heula Si Uus di pengkolan.
            Leleumpangan jeung Si Uus nyampeur deui Si Acep ka tonggoh. Babarengan ka tempat panangkringan. Basa ayeuna mah markas. Arurang ka warung Neng Ani deui we da pangrinehna tempat paranti ngobrol jeung ngopi.
            “Disampeur teh sugan bakal areuweuh. Naha teu digarawe maraneh teh?”
            “Kuring mah isuk ge digawe, Jang” ceuk Si Acep nembalan
            “Kuring ge isuk digawe ayeuna mah cuti heula lah lalungse carape awak. Bari isukan nanyakeun ka dunungan bisi keur ngabutuhkeun deui pagawe.” Uus negaskeun.
            “Naha kunaon nanyakeun sagala? Jang kuring? Samaruk kuring pangangguran. Pageto ge kuring mah indit ka Batujajar.”
            “Lain jang maneh, Jang. Jang Si Gani ieu mah. Watir atuh karek ge digawe sataun pabrik dununganna geus bangkrut deui. Ayeuna pan can boga gawe deui.”
            “Bener oge tah, Us. Sok pangneangankeun lah da didieu teu bisa mantuan Si Gani. Gawena beda keahlian euy.” Si Acep ngajukeun ka Si Uus.
            “Dipikir-pikir Si Gani jeung Si Memed naha teu kadieu nya?”
            Neng Ani datang mawa gorengan jeung cikopi kanu meja. Kuring langsung we ngarah gehu da di imah teu barang dahar heula. Bubuhan keur lapar oge ti peuting.
            “Kang Ujang, da bieu Kang Gani sareng Kang Memed kadieu tipayun sateuacaan akang – akang kadararieu. Ngan bubuhan aya urusan ceunah di bumi janten we geura geura uih duanana. Sajam nu langkung lah uihna teh. Tapi pas didieu ge ngobrolna sapertos nu rada keuheul kumaha kitu, Kang.”
            “Naha aya naon nya? Biasana ge sok nyampeur heula arurang kan nya?” ceuk Si Uus.
            “Tapi mun sajam ka tukang geus balik mah, kuduna aya di imahna. Tapi. Kuring nyampeur boh ka teun Gani atawa Memed ge da ngan aya indungna hungkul barijeung da can balik deui ceunah.” Si Acep mikiran tarik
            “Eh, Jang. Kuring meunang SMS euy ti dunungan ceunah bener ngabutuhkeun pagawe. Ngan Si Gani kamana nya euy rek ngabejaana hese.”
            “Hubungi atuh pan aya HP.”
            “Nomorna gunta ganti si eta mah. Urang balik tiheula atuh nya, Jang.”
            “Eh hayu bareng we jeung kuring. Tereh lohor.”
            Kuring jeung Uus biasa we balik bareng. Si Acep mah di warung keneh nungguan baturanna teuing saha lah teu wawuh. Karek ge nepi di imah, kuring diuk di tepas imah Si Memed datang ka teun kuring.
            “Jang, urang rek nyarita euy.” Si Memed ngomong bari hahehoh sigana mah lulupatan kadieuna.
            “Naha aya naon kitu, Med? Naha bieu teu milu ka warung pan digawe cuti maneh teh.”
            “Heeh bieu teh pan urang jeung Si Gani ka warung. Si eta teh keuheul basa kamari ieu meuni sugan aya nu merhatikeun pagawean si eta meuni euweuh meuni hare hare ceunah. Asa dianggap angin sepoi sepoi lah lebayna mah.”
            “Pan Si Gani teh can boga deui pagawean lin?”
            “Heeh justru eta manehna teh keuheul meuni sugan aya nu nawaran pagawean ka manehna meuni euweuh saurang urang acan. Matak manehna kamari cicing ngahuleng, kuring ge milu cicing we da apal si eta keur rungsing sigana.”
            “Oh, pantesan ti kamari rada kitu euy Si Gani teh. Eh heeh Si Uus da dunungana keur ngabutuhkeun maksudna Si Uus rek ngasupkeun Si Gani. Hayu geura urang samper heula ka imahna.”
            Kuring nu karek gek diuk na korsi tepas. Cengkat deui ngagidig deui ka teun Si Uus bareng jeung Si Memed. Beurang kacida panas moreret tonggong lomokot kesang. Panon poe beuki maju ngagolakeun hulu.
            “Assalamu’alaikum Uus!”
            “Wa’alaikumsalam. Eh Kang Ujang, Kang Memed sok calik heula. Sakedapnya abi ka leubeut heula.” Adina Si Uus, Wati nu masih keneh sakola di SMA urut urang limaan sakola.
            “Aya naon Jang. Tah aya Si Memed geningan.”
            “Us, hayu ka teun Si Gani. Dunungan butuh pagawe kan?”
            “Oh aya Si Gani na? Heeh hayu atuh.”
            Teu lila geus nepi deui di imah Si Gani. Si Memed nu keketok. Rada lila lah lima menitan karek jelemana kaluar. Manehna kucel teuing can mandi teuing kakebulan. Buuk gimbal siga benang kandel pakusut.
            “Aya naon euy raramean kieu?”
            “Naha kunaon maneh teh, Gan jadi nyorangan kieu.”
            “Ah, naha kunaon teu urusan pan jeung maraneh?”
            “Lain kitu ieuh, mun keur aya masalah mah urang obrolkeun babarengan piraku jadi kieu ah kumaha maneh mah.”
            “Heeh tuluy kuring kudu kumaha, Us?”
            “Eh, geus geus ayeuna mah kuring dititah dunungan neangan pagawe dua urang. Saurang deui mah geus meunang. Tinggal saurang deui. Urang nawarkeun ieu jang didinya arek heeh.” Si Uus nawaran pagawean ku rada maksana ka Si Gani.
            “Heeh sok atuh lumayan katulungan ku babaturan sorangan.”
            “Lain kitu urang mah keuheul naha urang dicicingkeun we basa di warung.”
            “Heeh lainna kitu da biasa ge pan didinya nu sok pangramena ari ngobrol teh. Pan nu sok ngamimitian ari mun ngobrol teh didinya.” Kuring ngungkapkeun Si Gani mun biasana di warung.
            “Geus ayeuna mah maneh milu digawe jeung Si Uus heeh.” Si Memed nepak tonggongna
            “Heeh lah sok hayu.”
            “Tah kitu atuh euy, isuk kuring nyampeur kadieu heeh.” Si Uus ngajangjikeun.
            Poe isukanana kabeh sibuk ku pagaweana masing masing. Kuring mah di imah keneh we da cutina sapoe deui, karek isukanana indit ka pagawean. Si Uus bareng jeung Si Gani indit digawe. Si Gani katingali jadi oces jeung bungah deui.
            Balik digawe, peuting arurang ngarumpul deui di tempat panangkringan. Ngariung sosonoan deui ngobrolkeun pagawean. Komo poe eta poe mimiti Si Gani digawe bareng jeung Si Uus. Di warung, silih bobodoran silih pacangkrama ah raramean we lah. Langit geus poek teu katingali oge reresepan keneh we di warung. Si Acep nu can nyaho nanaon jadi nyaho tina caritaan Si Gani.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar